Senin, 01 November 2010

‎"Mupunjung Jeung Ngagungkeun Karuhun teh Teu Cukup ku Kebul Kukus jeung Ngagul-ngagulna Wungkul, tapi Kudu Dibarung ku Kasadaran, yen Karuhun teh Ninggalkeun Karya jeung Hanca jeung Mangka Inget, Yen Unggal Entragan Pasti Jaradi Karuhun. Demi Kawajiban Urang Nyaeta Nuluykeun Hanca Karuhun, Ngagarap Tantangan Zaman Sorangan, Nyieun Karya Tuluykeuneun Entragan Anu Pandeuri"


Siliwangi cunduk waktu
Dumadeg waktu mandiri
Makalangan dana laga
Seuweu siwi siliwangi
Teureuh terah pajajaran
Seke seler pajajaran
Dayaning ulur luluhur
Siliwangi henteu kari
Mencar ninggalkeun komara
Ngancik dina jiwa murni
Jadi banda sekar bangsa
Satria yuda perwira
Binekas luhur berbudi
Sumawur ngajadi catur
Siliwangi nu kiwari
Ngajadi pahlawan bangsa
Bebentang andelan jurit
Satria yuda perwira
Sena pati lemah cai
Enggoning ngolah ngawangun
Siliwangi henteu kari
Tigin singer makalangan
Ngarengsekeun repolusi
Nu dasarna pancasila
Tekad gemleng teu sok deui
Ngajadi aub papayung
Pangriksa eusining nagri
Pangauban amba rakyat
Siliwangi pageuh kancing
Mambrih rayat gemah ripah
Ayem tengtrem sepi tingtrim
Mugi nanjung panjang punjung
Ginanjar wibawa mukti
Ginuluran karaharjan
Tong leungit kudari musim
Tong laas ku sapajaman
Gagah tanggah ampuh pamuk
Nyata gagah pilih tanding
Taya sipat ngandar jangjang
Daweung teuneung mancen tugas
Ngudak cita-cita murni
Amin ya robal alamin